Tampilkan postingan dengan label Catatanku. Tampilkan semua postingan
Tampilkan postingan dengan label Catatanku. Tampilkan semua postingan

Minggu, 09 Juni 2013

Gerentes hate

Gerentes hate.


Rinakit dangding hariring, hariring haleuang tembang.


Lumayan kanggo landong ngalolongsong.
Panglipur anu bingung, panglejar anu bingbang.


Manah kuring ngabarunsinang.

Keur sare sok mineng lilir, da hate keur teu jonglar.
Dumeh katilar, raga asa teu genah gumelar.
Kaduyung kunu sampulur, kabandang kunu lenjang, katarik ati ku nu camperenik, kapentang asmara ku marahmayna basa.


Oman Nurar